WELCOME TO SMP NEGERI SATU ATAP CIAWI

Sambutan Kepala Sekolah


Bismillahirrohmanirrahim

Assalamu‘alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi robbil alamin puji sinareng sukur urang panjatkeun ka Allah SWT, anu parantos maparin rohmat tur kawaluyaan tug dugi ka tiasa ngajangelek website sakola SMPN Satap Ciawi.  Wilujeng sumping di website SMPN Satap Ciawi! Tujuan tina dimekarkeunana ieu web teh taya lian pikeun ngaronjatkeun pangaweruh tur kompetensi sadayana warga sakola, ti ngawitan guru, penjaga, staf TU, Kepala sakola jeung siswa. Lian ti eta, oge dina  raraga muka akses informasi sakola ka masyarakat nu ngawengku profil, kagiatan/aktifitas sarta fasilitas anu dipimilik ku ieu sakola.

Ieu Website minangka eksistensi tur tarekah pikeun ngawujudkeun cita-cita sakola, supaya bisa jadi kareueus masyarakat Desa Ciawi anu salawasna nuturkeun padika jaman anu salawasna muhit kana kamekaran teknologi, kalawan teu ninggalkeun papagon tur budaya  lokal desa Ciawi anu tetep kuat dina dadasar agama Islam.

Salaku pimpinan ieu sakola, sim kuring nganuhunkeun ka sakumna ais pangampih/tim IT website anu parantos muka lawang informasi sangkan masyarakat sejen wanoh ka SMPN Satap Ciawi. Kalawan teu ngirangan kareueus, tangtuna dina gelarna ieu website masih keneh tacan sampurna. Ku kituna ka sakumna civitas akademika jeung masyarakat umum dipiharep masihan saran tur kritik anu tiasa ngawangun kamajuan ieu website kahareupna. 

Sim kuring miharep ku ayana website sakola bisa dijadikeun wadah interaksi positif dina dunya maya hususna pikeun sadayana warga  sakola, umumna masyarakat Purwakarta. Ku ayana ieu web, dipiahrep tiasa mageuhan silaturahmi sadayana warga sakola jeung unsur masyarakat sejenna. 

Cag! Hatur nuhun kana pangrojong ti sadayana! Mugia Allah SWT salawasna ngaping ngajaring urang, dina lumangsungna  proses atikan di SMPN Satap Ciawi! Aamiin!

Wassalamu‘alaikum Wr. Wb.

 

 


SPMB SMPN Satu Atap Ciawi Tahun 2025

Pencarian

Kontak

Alamat :

Jl. Desa Ciawi RT 04/01 Kec. Wanayasa Kab. Purwarta 41174

Telepon :

081210897276 - 083113355789

Email :

smpnsatapciawiwanayasa@gmail.com

Website :

smpnsatuatapciawi.sch.id

Media Sosial :

Kalender

Desember 2025

Mg Sn Sl Rb Km Jm Sb
1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30 31